Total Tayangan Halaman

Kamis, 07 April 2011

Peuting Nu Tunggara

Peuting ieu kingkilaban nganteurkeun cai kapeurih tilangitna
Teuing geus peuting nu kasabaraha;
lambaran-lambaran poe kandel ku gurat kasedih
tanwates,teu kaitung kurupa tanda
nembongkeun mangsa eta
harita
ngaliwatan jalan rosaka
jauh dijugjug,anggang diteang,leueur kundang iteuk,poek kundang obor
Seja balik nganteur peuting nutunggara
goak..Timumunggang..Ngagoara ngijir kanyeri
anjeun..
Mere jeneng pasrah kana hate
anjeun..
Moal ngarti kana eusi hate
anjeun..
Teu apal
runtuyan peuting
kasorang
pinuh sumujud du'a
mulangkeun anjeun
kana katumbiri cinta
harepan ukur lamunan
teuteup kalangkung
pinuh ku kahoncewangan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar