Total Tayangan Halaman

Sabtu, 02 April 2011

Bulan Tumanggal

langit lenglang padang taya aling-aling
indung peuting nu ngadind-ding kasilir-kasilir angin
nu nyaangan-nyaangan ukur bulan nu tumanggal
ngan nembongan bulan bijil sapasih
di euyeuban ku bentang nu baranang
bulan tumanggal bentang baranang
bijil sapasi munggaran sugih
bulan tumanggal teu geura caang
hayang ngadongkang lalangse hate
duh……..pasini urang deukeutkeun
nganteur kareppikir geuningan teu cicing
ngajugjugan leuwi ati matri munggaran jangji
nete hate bebende tepung harita
can nembongan panutan tawis ning tigin
sumoreang kamelang ngan ukur tembang
bulan tumanggal bentang baranang
bijil sapasi munggaran sugih
bulan tumanggal teu geura caang
hayang ngadongkang lalangse hate
duh……..pasini urang jadikeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar