Asih simkuring ka salira salawasna ngagedur
Langkung tebih ti wiati, langkung tutug ti puseur bumi
taya waktu nu kalarung tanpa jirim salira
ka cai jadi sakeuwi ka lebak jadi salogak
tapi jentre satincak sapangreureuhan wungkul salira nu kumelendang dina pikir buana simkuring
Mun tea mah langit beureum layung hurung di tungtung langit
ngempur diletakan letah lambak
ieu nu ngabebela jeroeun jiwa siga pirunan durukan wanci isuk
Jungjunan, siga kalangkang nu teu satia maturan waruga mun cahya sumirat
asih simkuring ka salira mah ajeg pangger salalawasna
hamo layu kawas kembang, hamo tilem siga matapoe jeung bulan
Asih sinkuring ka salira mah tan wates wangen
teu kaereh ku waktu sareng rohangan
teu kawas basisir nu ngurung daratan atawa beurang nu baganti peuting
Mun rasa asih ieu teu kadugikeun ka saukur ungkara, saukur wirahma
mugia tiasa mitembeyen muka jalan kanggo salawasna urang patepang
kawas malati nu unggal enjing di pukpruk cikadeudeuh ibun
atawa mawar beureum saheab nu ngagelenyu di siram mubyarna srangenge
simkuring oge ngarasa bagja upami salira kersa ngagolontorkeun asih cikahuripan
nu wening. ieu waruga simkuring, jungjunan, sumangga titen sungapanana
tempat salira lalening medar pabinihan asih nu jadi pupujan

Tidak ada komentar:
Posting Komentar