Total Tayangan Halaman

Jumat, 01 April 2011

Duna Kikisik

letah ombak noelan suku
angin, bulan sapasi
silihgenti ngagero-gero katineung
metot tangtungan anjeun tina ingetan

urang kungsi pagegeye
tapak-tapak lengkah dipupus lambak
tukangeun batu
asmara urang bahe
guyang madu luhureun kikisik bodas

Tidak ada komentar:

Posting Komentar