Total Tayangan Halaman

Sabtu, 02 April 2011

Kasarung Di pangumbaraan

Deudeuh teuing nasib hate geus lawas kasalip wanci
Nyungsi hirup kasarung di pangumbaraan
Ayeuna pisan geter-geter hate beuki nembongan
Pageugeut nguatkeun niat jadi gumulung ombak harepan
Pikeun geura miang… pikeun geura tandang…
Napak wiwitran lemah cai nu jadi impian
Reup Peureum pare koneng ngagupayan
Bray beunta gunung  nu kacipta
Neuteuli pisan kawaas hate mirig lengkah gumurusuh
Mapay galengan nu baseuh ku keclakna cimata.
Ret gunung nu lawas teu kasungsi
Ret sawah lila teu kasaba
Nguatkeun hate nu ngarakacak
Jeujeuhkeun ajen diri mapay tali paranti
Kuring mulang… kuring tandang
Napak lengkah mapay wiwitran lembur matuh karang pamidangan
Lembur kuring lembur Kuningan
Kapatri nadiri teu bisa pahili
Teger ku wanci teu kaselang ku jaman

Tidak ada komentar:

Posting Komentar